Salam baktos, tepang deui sareng abdi Abah Ujang. Mangga urang renungan sakedap, pami leres cekap diwaler SUMUHUN dina lebet manah.
Dina 1 dinten teh aya 24 jam? Dina 1 minggon aya 5/6 dinten damel? Dina 1 dinten damel sakurangna 8 jam? 8 jam damel sadinten teh aya 1/3 ti waktos 1 dinten urang? Ari urang hoyong ngeusi rutinitas eta sareng perkawis sanesna pan?
Anu janten parsoalan nyaeta urang teh alim ngarubih rutinitas eta sareng perkawis anu ku urang dipika resep, urang miharep ti 8 jam eta kanggo ngalajengkeun hirup.
Prioritas dina hirup urang tiasa mangrupi sehat, spiritual, sepuh urang, anak, sosialisasi, atanapi perkawis sanesna anu kedahna nomor 1 saleresna mah dina hirup urang.
Kunaon henteu urang teh "lumpat leuwih tanginas", nyalsekeun rutinitas eta, ngawitan ngabangun pasif incom, sangkan dina waktos anu bade dongkap tiasa ngadamel prioritas urang anu saleresna.
Tah "lumpat leuwih tanginas" saneh soal kacepatan, nanging ngeunaan terang kana jalur atanapi jalan lumpat anu ku urang jalankeun. Seueur jalma didamel nu sakitu kuat, tanginas pisan, nanging teu aya perobihan dina hirupna. Sederhanana kusabab anjeuna lumpat tanginas pisan teh ka arah anu lepat.
Urang kedah tiasa ngatur waktu sareng ngalakukeun 'naon anu janten standar kahirupan urang teh'. Standar kahirupan ieu anu lumrahna lepat dihartoskeun, anu ngajantenkeun ngungkung ka urang kangge majeng. Hayu diajar cara ngaleupaskeun pamahaman lepat eta teh.
*Rabu Nyunda (berbahasa sunda)
No comments:
Post a Comment